Posts

Rundayan Nabi ti jihat Ibu sareng Ramana

  RUNDAYAN NABI TI JIHAT IBU SARENG RAMANA Wajib ka jalma Islamna Uninga rundayanana Jeung Nabi utusan Alloh Muhammad putra Abdullah 2× Abdullah putra Mutolib Mutolib putrana Hasyim Hasyim putra Abdi manaf Abdi manaf putra kusoy Kusoy putrana Kilab Kilab putrana Muroh Muroh putrana Ka'ab Ka'ab putrana Luay Luay putrana Golib Golib putrana Fihir Fihir putrana Malik Malik putrana Nador Nador putra Kinanah Kinanah putra Huzaimah Huzaimah putra Mudrikah Mudrikah putrana Ilyas Ilyas putrana Mudor Mudor putrana Nizar Nizar putrana Ma'ad Ma'ad putrana Adnan Nu wajib duguka Adnan Ti Adnan dugika Adam Henteu wajib uningana Sabab taya jalan soheh 2× Wajib deui uningana Rundayana ti Ibuna Jeung Nabi utusan Alloh Muhammad putra Aminah 2× Aminah putrana Wahab Wahab putra Abdi manaf Abdi manaf putra Zuhroh Zuhroh putrana Kilab Tepang deui di eyangna Di Kilab janggawarengna Jadi Ibu jeung Ramana Masih keneh sarundayan 2× KETERANGAN : Mutolibteh (Abdul mutolib)

Hukum sholat idul fitri sareng idul adha

PERTINGKAH SHOLAT LEBARAN DUA (IDUL FITRI SARENG IDUL ADHA) Sumber : Kitab fathul qorib, halaman 19 Ieu pasal bade ngajelaskeun sholat lebaran dua (idul fitri sareng idul adha).tah ieu sholat lebaran dua hukumna sunat muakad (sunat anu dikeukeuhkeun) Ieu sholat lebaran dua dilaksanakeunana tiasa bari berjamaah pikeun anu nyorangan, anu lumaku, anu merdeka, abid, banci, awewe. Ngan awewe anu geulismah ulah ngahadiran sholat id, sok sanajan awewena lungguh. Atawa awewe anu  henteu geulis ngan loba ceta (loba tingkah) eta oge ulah ngahadiran kana sholat id, mantak sholatna di bumi wae da hukumna tetep sunat sok sanajan dilaksanakeunana henteu di masjid. Tah, ari nini-ninimah menang hadir kana sholat id anu dilaksanakeun di masjid tapi aya 3 syarat : Kudu aya idzin tinu jadi salakina Make pakean anu sok di pake di imah (pakean biasa, lain paranti ka kondangan) Ulah make seuseungitan Ari waktuna sholat lebaran dua nyaeta antara bijil panon poe jeung lingsirna panon poe. Jadi meunang sho...

Mertelakeun susuci (Riyadul badi'ah)

  كِتَابُ الطَّهَرَةِ قَوْلُهُ : لَا يَصِحُ اَلْوُضُوْءُ.....اَلنَّازِلِ مِنَ السَّمَاءِ وَالنَّابِعِ مِنَ الْاَرْضِ Moal sah wudu,adus jeung ngaleungitkeun najis kajaba make cai suci tur nyucikeun. Ari ngaran cai suci tur nyucikeun (طَهُرْ) eta cai anu henteu katibaan ku najis atawa barang suci anu ancur sarta lain saeutik bari urut make. Ari sumber cai eta aya dua,nya eta : 1.cai anu nyumber ti langit,nya eta aya tilu : - cai hujan - cai ibun - cai es 2.cai anu nyumber ti bumi,nyaeta : - cai laut - cai walungan - cai sumur - cai nyusu (cai entuk) قَوْلُهُ : فَاِذَا وَقَعَ فِيْهِ شَيْءٌ.....اَوْ اُزِيْلَتْ بِهِ نَجَاسَةٌ Lamun cai طَهُرْ katibaan barang suci anu ancur saperti madu atawa perkara anu henteu ancur sarta ngarobah anu kacida maka hukumna suci tapi henteu nyucikeun kana najis atawa kana hadas sanajan loba. Nyakitu deui cai musta'mal urut ngaleungitkeun najis atawa hadas,lamun kurang ti dua kulah bari henteu robah ku najis saperti tapak ngilangkeun najis...

Tatacara ngurus mayit (Riyadul badi'ah)

  كِتَابُ الْجَنَائِرِ قَوْلُهُ : كُلُّ مَيِّتٍ مِنَ الْمُسْلِمِيْنَ.....لَا يُغْسَلَانِ وَلَا يُصَلَّی عَلَيْهِمَا Sadaya mayit muslim wajib di adusan,dibungkus,disholatan sareng di qubur.kajaba anu maot syahid dina merangan kafir sareng mayit karuron anu dilahirkeun bari maot memeh sampurna bulan lahirna maka duanana henteu meunang di adusan jeung henteu meunang disholatan. قَوْلُهُ : وَاَقَلُ الْغُسْلِ الْمَيِّتِ.....بِالْمَاءِ ثَلَاثَ مَرَّاتٍ Ari pang saeutikna ngadusan mayit eta ngawalatraan sadaya badan mayit ku cai sabalikan lamun bisa ngaleungitkeun sadaya kokotor anu matak ngahalang nepina cai kana badan ku sabalikan. Ari kasampurnaanana nyaeta : 1.dicalikeun bari dicondongkeun ,pundukna dicepengan ku panangan anu ngadusan,tonggongna ditahan ku tuur. 2.diurutan patuangan mayit kupanangan supaya kaluar kokotor. 3.kumbah heula duburna make lamak anu dibuntelkeun kana leungeun kenca. 4.bersihan waosna,pangambungna sareng cepilna ku curuk anu kenca. 5.setiap balika...

Terjemah surat Al-Baqoroh

 Terjemah surat Al-Baqoroh Ayat 1 & 2 Ari kitab Al-Qur'an eta henteu aya kamangmangan jeung jadi pituduh ka jalma anu taqwa Ayat 3 Jalma anu taqwa nyaeta jalma anu iman kana alam goib jeung ngalaksanakeun kana sholat,jeung nganafakahkeun kana sebagian rizkina Ayat 4 Jeung jalma-jalma anu ariman kana perkara anu diturunkeun ka anjeun Muhammad jeung iman kana perkara anu diturunkeun samemeh anjeun jeung ariman maranehna kana perkara akherat Ayat 5 Ari itu jalma-jalma anu taqwa eta jalma anu meunang pituduh ti pangeranana jeung ari maranehanana eta jalma anu baragja Ayat 6 Saestuna jalma-jalma anu kalafir naha rek dibere beja pikasieuneun atawa rek dibere beja pikasieuneun tetep moal iman Ayat 7 Alloh parantos ngonci kana hate-hatena munafiqin jeung kana ceuli-ceulina munafiqin jeung nutup kana panon-panona munafiqin jeung maranehanana bakal meunang siksa anu pohara Ayat 8 Diantara manusa aya anu ngobrol "urang sadaya eta iman ka Alloh jeung kana poe akhir" padahal maran...