Terjemah surat Al-Baqoroh

 Terjemah surat Al-Baqoroh


Ayat 1 & 2

Ari kitab Al-Qur'an eta henteu aya kamangmangan jeung jadi pituduh ka jalma anu taqwa


Ayat 3

Jalma anu taqwa nyaeta jalma anu iman kana alam goib jeung ngalaksanakeun kana sholat,jeung nganafakahkeun kana sebagian rizkina


Ayat 4

Jeung jalma-jalma anu ariman kana perkara anu diturunkeun ka anjeun Muhammad jeung iman kana perkara anu diturunkeun samemeh anjeun jeung ariman maranehna kana perkara akherat


Ayat 5

Ari itu jalma-jalma anu taqwa eta jalma anu meunang pituduh ti pangeranana jeung ari maranehanana eta jalma anu baragja


Ayat 6

Saestuna jalma-jalma anu kalafir naha rek dibere beja pikasieuneun atawa rek dibere beja pikasieuneun tetep moal iman


Ayat 7

Alloh parantos ngonci kana hate-hatena munafiqin jeung kana ceuli-ceulina munafiqin jeung nutup kana panon-panona munafiqin jeung maranehanana bakal meunang siksa anu pohara


Ayat 8

Diantara manusa aya anu ngobrol "urang sadaya eta iman ka Alloh jeung kana poe akhir" padahal maranehna henteu iman ka Alloh


Ayat 9

Maranehanana maqsud nipu ka Alloh jeung nipu ka jalma-jalma anu ariman padahal maranehanana ukur nipu kana dirina wungkul ngan henteu sadar


Ayat 10

Dina hatena eta munafiqin aya panyakit,terus ditambahan ku Alloh panyakitna jeung deui eta munafiqin disiksa ku Alloh lantaran geus gawe kabohongan


Ayat 11

Lamun diucapkeun ka maranehna peupeujeuh ulah nyieun karuksakan di permukaan bumi ieu ku jalan kufur jeung teu iman maranehna ngajawab "saestuna urang sadaya eta anu nyieun kamaslahatan


Ayat 12

Inget,saestuna maranehanana anu nyieun karuksakan,maranehanana henteu sadar


Ayat 13

Lamun diucapkeun kamaranehanana (munafiqin) kudu ariman aranjeun saperti jalma-jalma anu geus ariman,maranehna ngajawab "kaula bakal iman saperti imana jalma barodo".padahal anu barodoteh maranehanana,ngan teu arapaleun


Ayat 14

Lamun jalma munafiq papanggih jeung jalma anu ariman manehna ngobrol urang sadaya geus ariman,tapi dina nalika papanggih jeung pamingpin manehna,"kaula tetep sarta aranjeun pastina kaula ngan ukur ngaguguyonkeun wungkul".


Ayat 15

Gusti Alloh ngabales pangguguyon maranehanana ku jalan di témpokeun dina kalacutan bari kaayaan bingung


Ayat 16

Jalma-jalma munafeq ngagantikeun kasasaran ku pituduh (ngagantikeun kasasaran ku kaimanan) maranehanana rugi sarta teu meunang pituduh


Ayat 17

Ari perumpamaan jalma munafiq eta saperti jalma anu ngahurungkeun kana seuneu.dina nalika eta caang sakurilingeun jalma munafiq Alloh ngaleungitkeun kana eta cahaya jwung ninggalkeun maranehna dina kapoekan sarta teu bisa ningali


Ayat 18

Eta jalma anu munafeqteh torek,bisu,lolong jeung maranehanana moal baralik deui tina kasasaranana


Ayat 19

Atawa perumpamaan jalma munafeq saperti jalma anu huhujanan dibarengan ku gelap tur poek ngaguruh tur aya kilat,maranehanana nyarocokan ceulina ku tungtung ramo lantaran sieun ngadenge petir jeung sieun maot.ari gusti Alloh eta ngaliputan ka jalma-jalma anu kalafir


Ayat 20

Hampir kilat nyamber kana paningali maranehanana,lamun kilat keur nyaangan manehna laleumpang jeung lamun kaayaan poek manehna caricing,lamun Alloh ngersakeun pasti ngaleungitkeun kana pangdengena jeung paningalina.saestuna gusti Alloh kawasa kana sagala perkara


Ayat 21

He sakabeh manusa kudu bertauhid aranjeun kabeh ka pangeran anjeun anu geus ngadamel ka aranjeun kabeh jeung geus ngadamel ka jalma anu samemeh aranjeun kabeh supaya aranjeun taraqwa kabeh.


Ayat 22

Anjeun anu ngajadikeun bumi anu diamparkeun keur aranjeun jeung ngadamel langit anu jadi atap anjeun  jeung anjeuna nurunkeun hujan ti langit terus tina sabab cai hujan eta ngahasilkeun buah-buahan jeung jadi rizki ka aranjeun.kulantaran kitu aranjeun ulah ngamusyrikeun ka Alloh bari aranjeun apal kabeh.


Ayat 23

Lamun maraneh kabeh aya karaguan kana Al-Qur'an anu di wahyukeun ku kami ka hamba kami (Nabi Muhammad SAW) maka datangkeun ku anjeun kabeh sasurat anu saperti Al-Qur'an,jeung ajakan anu disembah ku maraneh salianti Alloh lamun maraneh bener.


Ayat 24

Lamun maraneh teu mampuh ngadatangkeun sasurat,jeug pastinage moal mampuh maraneh maka kudu sieun maraneh kabeh ku seuneu naraka anu ari suluhna eta naraka manusa jeung batu anu dicawiskeun pikeun pirang-pirang jalma kafir.


Ayat 25

Jeung kudu mere beja pikabungaheun anjeun ka jalma-jalma anu ariman jeung marigawe amal soleh,saestuna keur maranehanana disadiakeun surga-surga anu ngalir walungan-walunganana,maranehanana bakal dibere buah-buahan di surga,maranehanana bakal ngobrol "ieu anu pernah dipaparinkeun ku Alloh baheula".maranehanana dibere buah-buahan anu sarupa tapi beda dina rasa,jeung maranehanana dibere istri-istri anu suci tina hed,jeung maranehanana langgeng dina surgana.


Ayat 26

Saestuna gusti Alloh teu ngarasa isin ngadamel conto ku rametuk atawa anu lebih rendah tibatan rametuk.anapon ari jalma-jalma anu ariman maranehna yaqin bahwa eta contoteh bener ti pangeranana itu jalma anu ariman.anapon ari jalma-jalma anu kalufur maranehna nyarita "naon maqsudna Alloh ngajadikeun ieu conto ?".ku eta conto loba jalma anu jadi sasar ,ku eta conto loba jalma anu meunang pituduh.teu aya jalma anu sasar ku eta conto kecuali jalma faseq.


Ayat 27

Jalma faseqteh nyaeta jalma-jalma anu ngalanggar kana perjanjian Alloh saba'da perjanjian di kukuhkeun jeung mutuskeun  kana perkara anu ku Alloh diparentah dihubungkeunana jeung maranehna nyieun karuksakan di bumi,maranehna termasuk golongan jalmi rugi.


Ayat 28

Kunaon jadi kalufur maraneh kabeh ka Alloh,padahal bukti maraneh kabeh tadina maot tuluy dihirupan ka Alloh tuluy dimaotan deui ku Alloh,tuluy gusti Alloh ngahirupan deui ka aranjeun kabeh tuluy dibalikeun aranjwun kabeh ka gusti Alloh.


Ayat 29

Ari Alloh eta anu ngajadikeun aranjeun kabeh kana sakabeh perkara anu aya di bumi teras ngadamel langit jeung dijadikeun itu langit kalayan tujuh lapis jeung ari gusti Alloh kana sadaya perkara eta anu uninga.


Ayat 30

Kudu inget ku anjeun dina nalika Alloh ngadawuh ka pirang-pirang malaikat "saestuna kaula rek ngajadikeun holipah di permukaan bumi ieu".malaikat nyarios "naha gusti ngadamel kholifah di bumi ku mahluk  gusti anu tukang nyieun karuksakan jeung tukang numpahkeun darah padahal abdi sadaya  anu tukang maca tasbeh jeung muji ka gusti jeung ngabersihkeun ka gusti".gusti Alloh ngadawuh kaula apal kana perkara anu anjeun teu apal


Ayat 31

Gusti Alloh mgajarkeun ka Nabi Adam kana ngaran-ngaran sakabeh benda teras ngosongkeun gusti Alloh ka para malaikat.ngadawuh gusti Alloh "sok sebutkeun ku anjeun malaikat kana ngaran-ngaran itu benda lamun bukti aranjeun eta anu balener kabeh.

Ayat 32

Malaikat ngajawab "maha suci gusti teu aya anu terang abdi kecuali anu diwurukeun ka abdi sadaya,saestuna gusti anu uninga anu bijaksana "


Ayat 33

Gusti Alloh ngadawuh  "he Adam bejakeun ku anjeun ka maranehna ngaran-ngaran sakabeh benda",maka samangsa-mangsa ngawartoskeun Nabi Adam ka para malaikat kana jenengan sakabeh benda maka ngadawuh gusti Alloh "naha teu ngadawuh kaula ka aranjeun kabeh saestuna kaula apal kana perkara anu samar dilangit jeung di bumi jeung apal kana perkara anu anjeun ngadohirkeun jeung apal kana perkara anu anjeun nyumputkeun".


Ayat 34

Jeung kudu inget anjeun dina nalika Alloh ngadawuh ka malaikat kudu sujud anjeun kabeh ka Nabi Adam,maka para malaikat sarujud ka Nabi adam kecuali iblis maranehanana takabur jeung bukti eta iblis kaasup tigolongan jalma kafir


Ayat 35

Jeung ngadawuh kami Alloh "he Adam kudu cicing anjeun jeung pamajikan anjeun di jero surga,jeung dahar ku anjeun duaan tina surga pirang-pirang kadaharan kalayan sampurna,jeung ulah ngadeukeutan anjeun kana ieu tangkal maka bukti anjeun duaan eta ti golongan jalma dolim.

Ayat 36

Terus nyoledatkeun syetan ka Nabi Adam sareng siti hawa tina surga jeung ngaluarkeun syetan ka Nabi Adam sareng siti hawa tina tempat tumetepna Nabi Adam sareng siti hawa nyaeta surga.sareng ngadawuh gusti Alloh "kudu turun aranjeun kabeh sawareh diantara aranjeun bakal aya anu jadi musuh kana sawarehna deui jeung pikeun anjeun aya tempat tumetep di bumi sampai datang ajal"


Ayat 37

Nabi Adam mendakan pirang-pirang kalimat ti pangeran Nabi Adam,maka Alloh narima tobatna Nabi Adam.saestuna Gusti Alloh eta Dzat anu tukang narima taubat tur anu mika asih.


Ayat 38

Kami Alloh ngadawuh,kudu tarurun aranjeun kabeh tina surga kalayan sakabehna ,maka lamun nyaan datang ka anjeun pituduh kaula,maka saha anu nuturkeun kana eta pituduh,maka maranehanana moal aya kasieun (ti urusan dunya) jeung maranehanana moal aya kasedih (di akheratna)


Ayat 39

Ari jalma-jalma kafir anu ngabarohongkeun pirang-pirang ayat kami Alloh,maranehanana eta pangeusi naraka jeung langgeng dina naraka.

Ayat 39

Ari jalma-jalma kafir anu ngabarohongkeun pirang-pirang ayat kami Alloh,maranehanana eta pangeusi naraka jeung langgeng dina naraka.


Ayat 40

He keturunan isroil kudu aringet aranjeun Kabeh  kana ni'mat kaula anu geus dibikeun kaula ka aranjeun kabeh jeung kudu nyumponan aranjeun kabeh kana jangji kaula,maka kaula bakal nyumponan kana jangji ka aranjeun jeung ka kaula wungkul aranjeun kudu sarieun.


Ayat 41

Jeung kudu ariman aranjeun kabeh kana perkara anu geus nurunkeun kaula kana eta perkara bari ngabenerkeun kana perkara anu aya di aranjeun,kabeh jeung ulah kabuktian aranjeun kabeh eta pangheulana kafir kana eta perkara (Qur'an) jeung ulah ngagantikeun aranjeun kabeh kana pirang-pirang ayat kaula kana harga anu leuwih rendah jeung ka kaula wungkul aranjeun kudu taqwa.


Ayat 42

Jeung ulah nyampur adukeun aranjeun kabeh kana bener dicampurkeun jeung batil,jeung ulah nyumputkeun aranjeun kabeh kana bener bari aranjeun kabeh eta anu pada apal


Ayat 43

Jeung kudu ngalaksanakeun aranjeun kabeh kana sholat jeung kudu ngaluarkeun aranjeun kabeh kana zakat jeung kudu ruku aranjeun kabeh sarta jalma anu raruku.


Ayat44

Naha marentah aranjeun kabeh ka manusa kana alus bari mopohokeun kana diri-diri aranjeun kabeh jeung ari aranjeun kabeh eta anu maraca kitab,naha teu mikir aranjeun kabeh


Ayat 45

Jeung kudu menta pertulungan aranjeun kabeh ku jalan sabar jeung sholat,jeung saestuna eta sholat yaqin beurat kecuali ka jalma anu khusyu kabeh.


Ayt 46

Jalma anu khusyu nyaeta jalma anu ngayakinkeun saestuna maranehanana bakal dipanggihkeun jeung pangeran maranehanana,jeung maranehna ngayakinkeun bakal dibalikeun ka alloh.


Ayat 47

He keturunan isroil kudu inget aranjeun kabeh kana ni'mat kami anu geus dibikeun ka aranjeun jeung kaula geus ngunggulkeun ka aranjeun kabeh ngelehkeun ka sadaya alam.


Ayat 48

Kudu mikasieun aranjeun kabeh kana hiji poe anu teu mika butuh awak-awakan tina awak-awakan anu sejen,jeung teu ditarima eta awak-awakan syafaat,jeung teu dicokot eta tina eta awak-awakan tetebus,jeung henteu ari jalma-jalma eta anu ditulungan kabeh


Ayat 49

Kudu inget aranjeun kabeh dina nalika nyalametkeun kami Alloh ka aranjeun ti kulawarga firaun anu nibakeun itu firaun ka arnjeun kabeh kana siksaan anu goreng,kulawarga firaun mareuncit ka anak-anak lalaki aranjun kabeh jeung ngahirupkeun ka anak-anak awewe aranjeun kabeh jeung eta kabeh mangrupakeun cocoba tipngeran anu agung


Ayat 50

Jeung kudu inget aranjeun kabeh dina nalika kaula meulahkeun kana laut,terus nyalametkeun kaula ka aranjeun kabeh jeung neleumkeun kaula ka kulawarga firaun jeung pengikutna bari ari aranjeun kabeh eta anu ningali.


 





Comments

Popular posts from this blog

Tasrifan anu 39 bab

Ringkasan kitab kifayatul awam (bahasa sunda)

Kumpulan do'a-do'a sareng hartosna (sunda)