Tatacara ngurus mayit (Riyadul badi'ah)

 

كِتَابُ الْجَنَائِرِ

قَوْلُهُ : كُلُّ مَيِّتٍ مِنَ الْمُسْلِمِيْنَ.....لَا يُغْسَلَانِ وَلَا يُصَلَّی عَلَيْهِمَا
Sadaya mayit muslim wajib di adusan,dibungkus,disholatan sareng di qubur.kajaba anu maot syahid dina merangan kafir sareng mayit karuron anu dilahirkeun bari maot memeh sampurna bulan lahirna maka duanana henteu meunang di adusan jeung henteu meunang disholatan.

قَوْلُهُ : وَاَقَلُ الْغُسْلِ الْمَيِّتِ.....بِالْمَاءِ ثَلَاثَ مَرَّاتٍ
Ari pang saeutikna ngadusan mayit eta ngawalatraan sadaya badan mayit ku cai sabalikan lamun bisa ngaleungitkeun sadaya kokotor anu matak ngahalang nepina cai kana badan ku sabalikan.
Ari kasampurnaanana nyaeta :
1.dicalikeun bari dicondongkeun ,pundukna dicepengan ku panangan anu ngadusan,tonggongna ditahan ku tuur.
2.diurutan patuangan mayit kupanangan supaya kaluar kokotor.
3.kumbah heula duburna make lamak anu dibuntelkeun kana leungeun kenca.
4.bersihan waosna,pangambungna sareng cepilna ku curuk anu kenca.
5.setiap balikan kudu make lamak anu beresih atawa bangsana.
6.di wuduan saperti anu hirup,diwalatraan ku cai 3 kali

قَوْلُهُ : وَيَقُوْنُ فِی الْمَرَّةِ الْاُوْلٰی.....اَنْ يُنَشِّفَهُ بَعْدَ تَمَامِ غُسْلِهِ
Kumbahan kahiji dicampur ku kayu sidir atawa bangsana saperti make sabun pikeun ngaleungitkeun kokotor,tuluy dibersihkeun deui ku cai anu suci jeung dina balikan anu katilu (terakhir) make kamper.
Dina tiap balikan kedah ngawitan tina mastaka,teras sunat digaringkeun saba'da sampurna di adusan.

قَوْلُهُ : وَيُكَفَّنُ الْمَيِّتُ.....وَوَجْهَ الْمُحْرِمَةِ فَيَحْرُمُ سَتْرُهُمَا
Mayit dibungkus dina pakean anu meunang dipake waktu hirupna.utamana dina kaen bodas sareng leuwih utama pakean heubeul anu dicuci tinimbang anu anyar.
Ari pang saeutikna mungkus mayit eta salapis kaen anu nutup kana sakabeh badan mayit kajaba mastaka lalaki anu keur ihrom jeung wajah istri anu keur ihrom.duanana haram ditutupan.

قَوْلُهُ : وَاَكْمَلُهُ لِلذَّكَرِ..... وَتُحَلَّ الشِّدَادُ عَنْهُ فِی الْقَبْرِ
Kautamaan pikeun lalaki eta tilu lapis diluar baju kurung sareng sorban.ari kautamaan bungkus pikeun istri eta dua lapis kain ditambah samping,tiung sareng baju kurung.
Ari pasunatanana eta :
1.make kapas dina tiap liang tumerus sareng dina anggota sujud
2.make seuseungitan dina badan jeung tiap lapisan bungkus sareng make kamper
3.ditalian biritna sareng bungkus mayitna ku lamak talina di udar di kuburan.

قَوْلُهُ : وَالصَّلَاةُ عَلَيْهِ لَيْسَ فِيْهَا.....بَعْدَ التَّكْبِرَةِ الرَّابِعَةِ
Ari sholat mayit eta henteu aya ruku sareng sujudan.
Ari rukun sholatna aya tujuh :
1.opat kali takbir
2.niat bareng jeung takbirotul ihrom,ieu niatna :
- lamun mayit hadir (hiji lalaki)
اُصَلِّی عَلٰی هٰذَا الْمَيِّتِ اَرْبَعَ تَكْبِيْرَاتٍ مَأْمُوْمًا فَرْضًا لِلّٰهِ تَعَالٰی
- lamun mayit hadir (hiji istri)
اُصَلِّی عَلٰی هٰذِهِ الْمَيِّتَةِ اَرْبَعَ تَكْبِيْرَاتٍ مَأْمُوْمًا فَرْضًا لِلّٰهِ تَعَالٰی
- lamun mayit hadir (mayit duaan)
اُصَلِّی عَلٰی هٰذَيْنِ الْمَيِّتَيْنِ اَرْبَعَ تَكْبِيْرَاتٍ مَأْمُوْمًا فَرْضًا لِلّٰهِ تَعَالٰی
- lamun mayit hadir (mayit loba)
اُصَلِّی عَلٰی هٰؤُلَاءِ الْاَمْوَاتِ اَرْبَعَ تَكْبِيْرَاتٍ مَأْمُوْمًا فَرْضًا لِلّٰهِ تَعَالٰی

- lamun mayit goib (upami apal ngaran mayitna lalaki atawa istri) :

اُصَلِّی عَلٰی (سٓبُوتْ جٓنٓغَانْ مَيِّتْ) اَرْبَعَ تَكْبِيْرَاتٍ مَأْمُوْمًا فَرْضًا لِلّٰهِ تَعَالٰی
- lamun mayit goib (upami seueuran apal ngaran mayit) :
اُصَلِّی عَلٰی مَنْ صَلَّی عَلَيْهِمُ الاِمَامُ اَرْبَعَ تَكْبِيْرَاتٍ مَأْمُوْمًا فَرْضًا لِلّٰهِ تَعَالٰی
Atawa :
اُصَلِّی عَلٰی الْاَمْوَاتِ اَرْبَعَ تَكْبِيْرَاتٍ مَأْمُوْمًا فَرْضًا لِلّٰهِ تَعَالٰی
3.nangtung pikeun anu mampuh
4.maca Al-fatihah dina saba'da takbir anu mana bae utamana ba'da takbir kahiji
5.sholawat ka kangjeng Nabi ba'da takbir anu kadua.
6.ngadu'a pikeun mayit ku du'a bangsa akherat ba'da takbir katilui

Ari pang saeutikna ngadu'akeun mayit nyaeta :

اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لَهُ وَارْحَمْهُ (مَيِتْ لَلَاكِيْ هِجِيْ)
اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لَهَا وَارْحَمْهَا (مَيِتْ اِسْتٓرِيْ هِجِيْ)
اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لَهُمَا وَارْحَمْهُمَا (مَيِتْ دُوَا لَلَاكِيْ اَتَوَا اِسْتٓرِيْ)
اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لَهُمْ وَارْحَمْهُمْ (مَيِتْ سٓئٓرَانْ لَلَاكِيْ اَتَوَا جٓغْ اِسْتٓرِيْ)
اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ لَهُنَّ وَارْحَمْهُنَّ (اِسْتٓرِي سٓئٓرْ)

7.maca salam kahiji ba'da takbir ka opat.

قَوْلُهُ : وَالسُّنَّةُ اَنْ يَتَعَوَّدَ.....وَاغْفِرْ لَنَا وَلَهُ وَلِلْمُسْلِمِيْنَ
Ari sunatna eta maca ta'ud memeh maca fatihah sareng manjangkeun du'a anu kawarid ti kangjeng Nabi Muhammad ba'da takbir katilu jeung disunatkeun maca du'a saba'da takbir ka opat memeh salam,ieu du'ana :
اَللّٰهُمَّ لَا تَحْرِمْنَا اَجْرَهُ وَلَا تَفْتِنَّا بَعْدَهُ وَاغْفِرْ لَنَا وَلَهُ وَلِلْمُسْلِمِيْنَ
CATATAN :
Domir ه (ha) na disesuaikeun jeung jinis mayit

قَوْلُهُ : وَاَقَلُّ الدَّفْنِ اَنْ يَكُوْنَ.....قَدْرَ قَامَةٍ وَبَسْطَةٍ
Ari pang saeutikna ngubur mayit eta cukup dina galian kira-kira bisa nyegah bauna mayit sareng nyegah badan mayit tina sato galak.
Ari kasampurnaanana nyaeta dina liang taneuh anu kuat atawa dina beulahan taneuh muruhpuy ,dilegakeun jeung jerona satangtung satampah (sabeber tangan).

قَوْلُهُ وَيَجِبُ اَنْ يُضْجَعَ الْمَيِّتُ.....لِدَفْنِ مَيِّتٍ اٰخَرَ اَوْ غَيْرِهِ اِلَّا لِضَرُوْرَةٍ
Wajib di sangigigrkeun mayitna (ka katuhu) sarta madep qiblat

Disunatkeun :
1.disangigirkeunana beulah katuhu
2.quburan mayit disiram ku cai tiis
3.di talqinan mayitna lamun mayit mukalaf
4.ta'ziyah / ngalayad ka kulawarga mayit dugika 3 dinten
Henteu meunang ngubur dua mayit dina hiji quburan.henteu meunang ngagali quburan pikeun ngubur mayit sejen atawa tujuan sejen memeh buruk mayit kajaba karna madarat

Comments

Popular posts from this blog

Tasrifan anu 39 bab

Ringkasan kitab kifayatul awam (bahasa sunda)

Kumpulan do'a-do'a sareng hartosna (sunda)