Kumpulan do'a-do'a sareng hartosna (sunda)



Daftar isi :
1.Du'a hudang sare
2.Du'a lebet ka jamban
3.Du'a kaluar ti jamban
4.Du'a saba'da susuci
5.Du'a bade wudu
6.Du'a ngumbah raray
7.Du'a ngumbah leungeun katuhu
8.Du'a ngumbah leungeun kenca
9.Du'a ngumbah rambut
10.Du'a ngumbah sampean katuhu
11.Du'a ngumbah sampean kenca
12.Du'a saba'da wudu ka 1
13.Du'a saba'da wudu ka 2
14.Du'a lebet ka masjid
15.Du'a kaluar ti masjid
16.Du'a dimana dibacakeun واشهد ان محمّد رّسول الله
17.Du'a dimana dibacakeun حيّ علی الصلاة / حي علی الفلاه
18.Du'a dimana dibacakeun اَلصَّلَاةُ خَيْرٌ مِنَ النَّوْمِ
19.Du'a saba'da adzan
20.Du'a dimana dibacakeun قد قامت الصّلاة
21.Du'a saba'da wiridan
22.Du'a bade belajar
23.Du'a saba'da belajar
24.Du'a bade ngapalkeun
25.Du'a bade tuang
26.Du'a saba'da tuang/ngaleueut
27.Du'a nganggo anggoan
28.Du'a ngudar anggoan
29.Du'a kaluar ti bumi
30.Du'a lebet ka bumi
31.Du'a lebet ka pasar
32.Du'a naek kendaraan
33.Du'a ningali anu dipikaresep
34.Du'a ningali anu teu di pikaresep
35.Du'a bersin jeung jawaban
36.Du'a ngeunteung
37.Du'a dimana poho
38.Du'a pasosore
39.Du'a buka puasa
40.Du'a ngadu'akeun ibu rama
41.Du'a bade kulem




1.DU'A HUDANG SARE

اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ اَحْيَانَا بَعْدَ مَا أَمَاتَنَا وَإِلَيْهِ النُّشُوْرَ
Hartosna :
Ari sadaya puji eta kagungan Alloh anu parantos ngahirupkeun ka abdi sadaya,sareng ka anjeun wungkul tempat pangwangsulan



2.DU'A LEBET KA JAMBAN

بِسْمِ اللهِ اللَّهُمَّ إِنِّيْ أَعُوْذُ بِكَ مِنَ الْخُبُثِ وَالْخَبَائِثِ
Hartosna :
Kalawan nyebat jenengan Alloh,ya Alloh saestuna abdi nyuhunkeun pangriksa abdi ka gusti tina pirang-pirang syetan lalakina sareng tina pitang-pirang syetan awewena



3.DO'A KALUAR TI JAMBAN

اَلْحَمْدُ لِله الَّذِيْ أَذْهَبَ مَا يُؤْذِنِيْ وَأَبْقَی مَا يَنْفَعُنِيْ
Hartosna :
Ari sadaya puji eta kagungan alloh anu parantos ngaleungitkeun kana perkara anu milaraan ka abdi sareng parantos nyesakeun kana perkara anu manfa'at kangge abdi



4.DU'A SABA'DA SUSUCI

اَللَّهُمَّ طَهِّرْ قَلْبِيْ مِنَ النِّفَاقِ وَحَصِّنْ فَرْجِيْ مِنَ الْفَوَاحِشِ
Hartosna :
Ya Alloh mugi ngabersihkeun gusti kana manah abdi tina kamunafikan sareng mugi gusti ngariksa kana farji abdi tina pirang-pirang kagorengan



5.DU'A BADE WUDU

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ اَلْحَمْدُ لِِله الَّذِيْ جَعَلَ الْمَاءَ طَهُوْرًا
Hartosna :
Kalawan nyebat jenengan Alloh anu maha murah tur maha asih ari sadaya puji eta kagungan Alloh anu parantos ngajadikeun ieu cai kana anu suci


6.DU'A NGUMBAH RARAY

اَللَّهُمَّ بَيِّضْ وَجْهِيْ يَوْمَ تَبْيَضُّ وُجُوْهٌ وَتَسْوَدُّ وُجُوْهٌ
Hartosna :
Ya Alloh mugi moncorongkeun gusti kana raray abdi dina dintenan moncorong pirang-pirang raray mu'minin sareng hideung beungeutna kafirin



7.DU'A NGUMBAH PANANGAN KATUHU

اَللَّهُمَّ اَعْطِنِيْ كِتَابِيْ فِيْ يَمِيْنِيْ وَحَاسِبْنِيْ حِسَابًا يَسِيْرًا
Hartosna :
Ya Alloh mugi gusti masihkeun ka abdi kana kitab tulisan amal abdi ti palih katuhueun abdi sareng mugi ngahisab gusti ka abdi kalawan hisaban anu enteng



8.DU'A NGUMBAH PANANGAN KENCA

اَللَّهُمَّ إِنِّيْ اَعُوْذُ بِكَ أَنْتُعْطِيَنِيْ كِتَابيْ فِيْ شِمَالِيْ اَوْ مِنْ وَرَاءِ ظَهْرِيْ
Hartosna :
Ya Alloh saestuna abdi nyuhunkeun pangriksa abdi ka gusti kanayen masihkeun gusti ka abdi kana kitab abdi tipalih kencaeun abdi atanapi ti pengkereun tonggong



9.DU'A NGUSAP RAMBUT

اَللَّهُمَّ حَرِّمْ شَعْرِيْ وَبَشَرِيْ عَلَی النَّارِ
Hartosna :
Ya Alloh mugi ngaharamkeun gusti kana rambut abdi sareng kana kulit abdi kana seuneu naraka


10.DU'A NGUMBAH SAMPEAN KATUHU

اَللَّهُمَّ شَبِّتْ قَدَمِيْ عَلَی صِرَاطِ الْمُسْتَقِيْمِ مَعَ أَقْدَامِ عِبَادِكَ الصَّلِحِيْنَ
Hartosna :
Ya Alloh mugi netepkeun gusti kana dampal abdi netepan shirothol mustaqim sarta pirang-pirang dampalna hamba-hamba gusti anu saroleh


11.DU'A NGUMBAH SAMPEAN KENCA

اَللَّهُمَّ اِنِّيْ أَعُوْذُ بِكَ أَنْ تَزِلَّ قَدَمِيْ عَلَی الصِّرَاطِ فِيْ النَّارِ يَوْمَ تَزِلُّ أَقْدَامُ الْمُنَافِقِيْنَ وَالْمُشْرِكِيْنَ
Hartosna :
Ya Alloh saestuna abdi nyuhunkeun pangriksa abdi ka gusti kana yen tisoledat dampal abdi netepan shirot dina naraka dina dintenan tisoledat pirang-pirang keuneungna munafiqin sareng keuneungna jalma-jalma musyrikin


12.DU'A SABA'DA WUDU KA HIJI

سُبْحَانَكَ الَّهُمَّ وَبِحَمْدِكَ اَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا أَنْتَ أَسْتَغْفِرُكَ وَأَتُوْبُ إِلَيْكَ.وَصَلَّی اللهُ عَلَی سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلی آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ
Hartosna :
Maha suci gusti ,ya alloh ,sareng ku muji ka gusti , nekadkeun abdi kalawan ma'rifat sareng tasdheq kana saestuna kalakuan sareng tingkah teu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan anging gusti, nyuhunkeun hapunten abdi ka gusti sareng tobat abdi ka gusti.mugi alloh nambihan rohmat sareng kasalametan ka dunungan urang sadaya kanjeng nabi muhammad ﷺ sareng sadaya kulawargina.



13.DU'A SABA'DA WUDU KA DUA

اَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.اللَّهُمَّ اجْعَلْنِيْ مِنَ التَّوَّابِيْنَ وَاجْعَلْنِيْ مِنَ الْمُتَطَهِّرِينَ وَاجْعَلْنِيْ مِنْ عِبَادِكَ الصَّالِحِيْنَ
Hartosna :
Nekadkeun abdi kalawan ma'rifat sareng tasdeq kana saestuna kalakuan sareng tingkah eta teu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan anging gusti alloh bari nyalira Alloh teu aya anu ngarencangan ka Alloh sareng nekadkeun kalawan ma'rifat sareng tasdeq kana saestuna kangjeng nabi muhammad ﷺ eta hambana Alloh sareng utusan Alloh ya Alloh mugi ngajadikeun gusti ka abdi ti golongan jalma-jalma anu tarobat sareng mugi ngajadikeun gusti ka abdi ti golongan jalma-jalma anu saruci sareng mugi ngajadikeun gusti ka abdi ti golingan hamba-hamba gusti anu saroleh kabeh



14. DU'A LEBET KA MASJID

اَللَّهُمَّ اغْفِرْلِيْ ذُنُوْبِيْ وَافْتَحْ لِيْ أَبْوَابَ رَحْمَتِكَ
Hartosna :
Ya Alloh,mugi kersa ngahapunten gusti kana pirang-pirang dosa abdi sareng mugi gusti ngabukakeun kanggo abdi kana pirang-pirang pintu rohmat gusti


15.DU'A KALUAR TI MASJID

اَللَّهُمَّ إِنِّيْ أَسْأَلُكَ مِنْ فَضْلِكَ

Hartosna :
Ya Alloh,saestuna abdi nyuhunkeun abdi ka gusti kana karunia ti gusti



16.DU'A DIMANA DIBACAKEUN وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا رَسُوْلُ الله

مَرْحَبًا بِحَبِيْبِيْ وَقُرَّةِ عَيْنِيْ محَمَّدِ ابْنِ عَبْدِ اللهِ صَلَّی اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمْ
Hartosna :
Bagea sumping kakasih abdi sareng buah hati abdi muhammad putra abdulloh mugi nambihan rohmat gusti alloh ka kangjeng nabi muhammad ﷺ sareng nambihan kasalametan Alloh



17.DU'A DIMANA DIBACAKEUN حَيَّ عَلَی الصَّلَاةِ/ الفَلَاحِ


لَا حَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلَّا بِا اللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ
Hartosna :
Teu aya daya upaya kanggo nebihan ma'siat sareng henteu aya kakuatan kanggo ngalakonan to'at anging ku putulung Alloh anu maha luhur tur anu maha agung



18.DU'A DIMANA DIBACAKEUN اَلصَّلَاةُ خَيْرٌ مِنَ النَّوْمِ

صَدَقْتَ وَبَرِرْتَ وَأَنَا عَلَی ذَلِكَ مِنَ الشَّاهِدِيْنَ
Hartosna :
Geus bener anjeun sareng alus anjeun sareng ari kana anu diaritakeun eta ti golongan anu nyaksian



19.DU'A SABA'DA ADZAN

اَللَّهُمَّ رَبَّ هَذِهِ الدَّعْوَةِ التَّامَّةِ وَالصَّلَاةِ الْقَائِمَةِ آتِ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا الْوَسِيْلََةَ وَالْفَضِيْلَةَ وَابْعَثْهُ مَقَامًا مَحْمُوْدًا الَّذِيْ وَعَدْتَهُ
Hartosna :
Ya Alloha anu ngagaduhan ieu undangan anu sampurna mugi gusti masihan ka dunungan abdi sadaya tegesna kangjeng nabi muhammad ﷺ kana darajat anu luhur sareng kautamaan sareng mugi gusti ngutus ka anjeuna kana tempat anu dipuji anu parantos ngajanjikeun gusti ka anjeuna



20.DU'A DIMANA DIBACAKEUN قَدْ قَامَتِ الصَّلَاةُ

اَقَامَهَا اللهُ وَأَدَامَهَا وَجَعَلَنِيْ مِنْ صَالِحِيْ أَهْلِهَا
Hartosna :
Mugi Alloh netepkeun kana sholat sareng mugi ngalanggengkeun anjeuna kana sholat sareng mugi ngajadikeun anjeuna ka abdi sadaya ti golongan ahli sholat anu saroleh



21.DU'A SABA'DA WIRIDAN

اَللَّهُمَّ إِنَّ نَسْأَلُكَ سَلَامَةً فِيْ الدِّيْن ِ٬ وَعَافِيَةً فِيْ الْجَسَدِ ٬ وَزِيَادَةً فِيْ الْعِلْمِ ٬ وَبَرَكَةً فِيْ الرِّزْقِ ٬ وَتَوْبَةً قَبْلَ الْمَوْتِ ٬ وَرَحْمَةً عِنْدَ الْمَوْتِ ٬ وَمَغْفِرَةً بَعْدَ الْمَوْتِ ٬ اَللَّهُمَّ هَوِّنْ عَلَيْنَا فِيْ سَكَرَاتِ الْمَوْتِ وَنَجَاةً مِنَ النَّارِ وَالْعَفْوَ عِنْدَ الْحِسَابِ
Hartosna :
Ya alloh saestuna abdi sadaya nyuhunkeun abdi sadaya kana kasalametan dina masalah agama sareng kasehatan dina jasad sareng tambah-tambah dina elmu sareng kaberkahan dina rizqi sareng dihapunten sateuacan maot sareng kenging rohmat dina nalika maot sareng kenging pangampura saba'da maot ya Alloh mugi gusti ngagampilkeun ka abdi dina nuju sakarat maot sareng nyuhunkeun salamet tina seuneu naraka sareng kenging ampunan dina nalika dihisab


22.DU'A BADE BELAJAR

اَللَّهُمَّ نَوِّرْ قُلُوْبَنَا بِنُوْرِ هِدَايَتِكَ كَمَا نَوَّرْتَ الاَرْضَ بِنُوْرِ شَمْسِكَ أَبَدًا أَبَدًا بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
Hartosna :
Ya Alloh mugi gusti nyaangan kana manah abdi ku cahaya pituduh gusti sapertoskeun yen tos nyaangan gusti ka bumi ku cahaya panon poe gusti dina salawasna ku rohmat gusti hei dzat anu pangasihan ti anu arasih



23.DU'A SABA'DA BELAJAR

رَبِّ انْفَعْنَا بِمَا عَلَّمْتَنَا ۞ رَبِّ عَلِّمْنَا الَّذِيْ يَنْفَعُنَا
رَبِّ فَقِّهْنَا وَفَقِّهْ أَهْلَنَا ۞ وَقَرَبَاتٍ لَنَا فِيْ دِيْنِنَا
Mugi gusti ngamanfa'atkeun
Kana elmu anu di pasihkeun
Mugi gusti ngawurukan
Kana elmu pi manfa'ateun
Mugi gusti masihan faham
Ka abdi jeung ka ahlina
Ka baraya-baraya abdi
Dina elmu agamana
Abdi tawashul ku pangaosan
Abdi tawashul ku pamurukan
Mugi gusti ngarizqian
Kajembaran kaamanan



اَللَّهُمَّ ثَبِّتْ عِلْمِيْ فِيْ قَلْبِيْ وَنَوِّرْهُ فِيْ جَسَدِيْ وَأَيْقِظْنِيْ فِيْمَا نَسِيْتُ وَعَلِّمْنِيْ فِيْمَا جَهِلْتُ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
Hartosna :
Ya Alloh mugi gusti netepkeun kana 'elmu abdi dina manah abdi sareng mugi gusti nyaangkeun kana 'elmu dina jasad abdi sareng mugi gusti ngemitan  ka abdi dina perkara anu abdi hilap sareng mugi gusti murukan ka abdi kana perkara anu abdi teu acan terang ku rohmat gusti hei dat anu pang asih-asihna ti anu arasih



24.DU'A BADE NGAPALKEUN

اَللَّهُمَّ ارْزُقْنَا فَهْمَ النَّبِيِّيْنَ وَحِفْظَ الْمُرْسَلِيْنَ وَسُرْعَةَ إِلْهَامِ الْمَلَائِكَةِ الْمُقَرَّبِيْنَ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
Hartosna :
Ya Alloh mugi masihan gusti ka abdi sadaya kana fahaman para nabi sareng kana apalan para utusan sareng gancangan ilham para malaikat anu tukang gawe deuheus



25.DU'A BADE TUANG

اَللَّهُمَّ بَارِكْ لَنَا فِيْمَا رَزَقْتَنَا وَقِناَ عَذَابَ النَّارِ .بِسْمِ اللهِ
Hartosna :
Ya Alloh mugi ngaberkahan gusti kangge abdi sadaya dina perkara anu parantos ngarizqian gusti ka abdi sareng mugi ngariksa gusti ka abdi tina siksa seuneu naraka .kalawan nyebat jenengan Alloh



26.DU'A SABA'DA TUANG / NGALEUEUT

اَلْحَمْدُ لِِله الَّذِيْ أَطْعَمَنَا وَسَقَانَا وَاجْعَلْنَا مُسْلِمِينَ
Hartosna :
Ari sadaya puji eta kagungan Alloh anu parantos masihan tuangeun ka abdi sadaya sareng parantos masihan leueuteun ka abdi sadaya sareng mugi ngajadikeun Alloh ka urang sadaya jadi jalmi-jalmi anu islam



27.DU'A NGANGGO ANGGOAN

بِسْمِ اللهِ اَللَّهُمَّ إِنِّيْ أَسْأَلُكَ مِنْ خَيْرِهِ وَخَيْرِ مَا فِيْهِ وَأَعُوْذُ بِكَ مِنْ شَرِّهِ وَشَرِّ مَا هُوَ فِيْهِ
Hartosna :
Kalawan nyebat jenengan Alloh,Ya alloh saestuna abdi nyuhunkeun abdi ka gusti tina saena ieu anggoan sareng saena perkara anu aya dina ieu anggoan nyuhunkeun pangriksa abdi ka gusti tina awona ieu anggoan sareng awona perkara anu aya dina iyeu anggoan



28.DU'A NGUDAR ANGGOAN

بِسْمِ اللهِ لَا إِلٰهَ إِلَّا هُوَ
Hartosna :
Kalawan nyebat jenengan Alloh henteu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan anging gusti Alloh



29.DU'A KALUAR TI BUMI

بِسْمِ اللهِ تَوَكَلْتُ عَلَی اللهِ لَا حَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلَّا بِاالله الْعَلِيِّ العَظِيْمِ
Hartosna :
Kalawan nyebat jenengan Alloh pasrah abdi ka gusti Alloh henteu aya daya upaya pikeun nyingkahan ma'siat sareng teu aya kakuatan pikeun ngalakonan tho'at kajabi ku pitulung Alloh anu maha luhur tur maha agung



30.DU'A LEBET KA BUMI

اَللَّهُمَّ إِنِّ أَسْأَلُكَ خَيْرَ الْمُوْلَجِ وَخَيْرَ الْمُخْرَجِ بِسْمِ اللهِ وَلَجْنَا وَبِسْمِ اللهِ خَؤَجْنَا وَعَلَی اللهِ رَبَّنَا تَوَكَّلْنَا
Hartosna :
Ya Alloh saestuna abdi nyuhunkeun abdi ka gusti kana saena ieu bumi tempat asup sareng saena ieu bumi tempat kaluar kalawan nyebat jenengan Alloh abdi sadaya lebet sareng kalawan nyebat jenengan Alloh abdi kaluar sareng ka gusti wungkul tegesna pangeran abdi  pasrah abdi sadaya



31.DU'A LEBET KA PASAR

بِسْمِ اللهِ اللَّهُمَّ إِنِّ أَسْأَلُكَ خَيْرَ هَذَا السُّوْقِ وَخَيْرَ مَا فِيْهَا . اللَّهُمَّ إِنِّ أَعُوْذُ بِكَ مِنْ شَرِّهَا وَشَرِّ مَا فِيْهَا
Hartosna :
Kalawan nyebat jenengan Alloh,ya Alloh saestuna abdi nyuhunkeun abdi ka gusti kana saena ieu pasar sareng saena perkara anu aya di pasar,ya Alloh saestuna abdi nyuhunkeun pangriksa abdi ka gusti tina awona ieu pasar sareng awona perkara anu aya di ieu pasar



32.DU'A NAEK KENDARAAN

سُبْحَانَ الَّذِيْ سَخَّرَ لَنَا هَذَا وَمَا كُنَّا لَهُ مُقْرِنِيْنَ وَإِنَّا إِلِی رَبِّنَا لَمُنْقَلِبُوْنَ
Hartosna :
Banget maha suci dzat anu parantos ngagampilkeun ka abdi sadaya kana ieu kendaraan bari abdi teu tiasa ngagampilkeunana sareng saestuna abdi sadaya ka pangeran abdi sadaya eta anu warangsul



33.DU'A NINGALI ANU DIPIKARESEP

اَلْحَمْدُ لِلهِ الَّذِيْ بِنِعْمَتِهِ تَتِمُّ الصَّالِحَاتْ
Hartosna :
Ari sadaya puji eta kagungan Alloh anu ku ni'matna jadi sampurna pirang-pirang kasholehan



34.DU'A NINGALI ANU TEU DIPIKARESEP

اَلْحَمْدُ لِله عَلَی كُلِّ حَالٍ رَبِّ أَعُوْذُ بِكَ مِنْ حَالِ أَهْلِ النَّارِ
Hartosna :
Ari sadaya puji eta kagungan Alloh dina sadaya tingkah ,duh pangeran abdi nyuhunkeun pangriksa abdi ka gusti tina tingkah ahli naraka


35.DU'A BERSIN SARENG JAWABAN

اَلْحَمْدُ لِلهِ . يَرْحَمُكَ اللهُ . يَهْدِيكُمُ اللهُ وَيُصْلِحُ بَالَكُمْ
Hartosna :
Ari sadaya puji eta kagungan Alloh .muga ngasih Alloh ka anjeun.muga masihan pituduh Alloh ka anjeun sareng muga ngaluluskeun Alloh kana tingkah anjeun



36.DU'A NGEUNTEUNG

اَلْحَمْدُ لِلهِ كَمَا حَسَّنْتَ خَلْقِيْ فَحَسِّنْ خُلُقِيْ
Hartosna :
Ari sadaya puji eta kagungan Alloh sapertoskeun yen tos nyaekeun gusti kana raray abdi tah mugi nyaekeun gusti kana budi pekerti abdi


37.DU'A DIMANA POHO

سُبْحَانَ مَنْ لَا يَنَامُ وَلَا يَسْهُوْ.اَللَّهُمَّ ذَكِّرْنِيْ مَا نَسِيْتُ
Hartosna :
Banget maha suci dzat anu tara kulem sareng tara lali ,Ya Alloh mugi ngemutan gusti ka abdi kana perkara anu abdi hilap




38.DU'A PASOSORE

اَللَّهُمَّ بِكَ أَمْسَيْنَا وَبِكَ أَصْبَحْنَا وَبِكَ نَحْيَا وَبِكَ نَمُوْتُ وَإِلَيْهِ الْمَصِيْرُ
Hartosna :
Ya Alloh ka gusti wungkul abdi pasosore sareng ka gusti abdi isuk-isuk sareng kagusti hirup abdi sareng ka gusti maot abdi sareng ka Alloh wungkul ari tempat pangwangsulan


39.DU'A BUKA PUASA

اَللَّهُمَّ لَكَ صُمْتُ وَبِكَ آمَنْتُ وَعَلَی رِزْقِكَ أَفْطَرْتُ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
Hartosna :
Ya Alloh karna  gusti wungkul puasa abdi ,sareng ka gusti iman abdi ,sareng ku rizqi ti gusti buka puasa abdi ku rohmat gusti he dzat anu pang asih- asihna ti anu arasih



40.NGADU'AKEUN IBU RAMA

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِیْ وَلِوَالِدَيَّ وَارْحَمْ هُمَا كَمَا رَبَّيَانِيْ صَغِيْرًا
Hartosna :
Ya Alloh ,mugi gusti ngahapunten kana dosa abdi sareng kana dosa ibu rama abdi sareng mugi gusti ngasih ka ibu rama sapertoskeun yen parantos ngurus aranjwun ka abdi dina waktos alit keneh



41.DU'A BADE KULEM

بِسْمِكَ اللَّهُمَّ أَحْيَا وَبِاسْمِكَ أَمُوْتُ
Hartosna :
Kalawan nyebat jenengan gusti ,ya Alloh hirup abdi sareng kalawan nyebat jenengan Alloh maot abdi



بِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ

Kalawan pujian syukuran di sanggakeun ka Alloh, sareng mung ku taufiqna sim kuring tiasa nyusun ieu seratan .
Upami aya anu lepat boh dina tulisanana atanapi dina terjemahna pamugi kersa ngalereskeun , taya sanes nu di pilari supados langkung manfa'at

nyuhunkeun dihapunten bilih aya kalepatan dina seratan

Lukman nulhakim
3 safar 1441 H
2 oktober 2019 M
HARI : RABU

Comments

Popular posts from this blog

Tasrifan anu 39 bab

Ringkasan kitab kifayatul awam (bahasa sunda)