Rundayan Nabi ti jihat Ibu sareng Ramana

 RUNDAYAN NABI TI JIHAT IBU SARENG RAMANA


Wajib ka jalma Islamna

Uninga rundayanana

Jeung Nabi utusan Alloh

Muhammad putra Abdullah 2×


Abdullah putra Mutolib

Mutolib putrana Hasyim

Hasyim putra Abdi manaf

Abdi manaf putra kusoy


Kusoy putrana Kilab

Kilab putrana Muroh

Muroh putrana Ka'ab

Ka'ab putrana Luay


Luay putrana Golib

Golib putrana Fihir

Fihir putrana Malik

Malik putrana Nador


Nador putra Kinanah

Kinanah putra Huzaimah

Huzaimah putra Mudrikah

Mudrikah putrana Ilyas


Ilyas putrana Mudor

Mudor putrana Nizar

Nizar putrana Ma'ad

Ma'ad putrana Adnan


Nu wajib duguka Adnan

Ti Adnan dugika Adam

Henteu wajib uningana

Sabab taya jalan soheh 2×


Wajib deui uningana

Rundayana ti Ibuna

Jeung Nabi utusan Alloh

Muhammad putra Aminah 2×


Aminah putrana Wahab

Wahab putra Abdi manaf

Abdi manaf putra Zuhroh

Zuhroh putrana Kilab



Tepang deui di eyangna

Di Kilab janggawarengna

Jadi Ibu jeung Ramana

Masih keneh sarundayan 2×



KETERANGAN :

Mutolibteh (Abdul mutolib)

Comments

Popular posts from this blog

Tasrifan anu 39 bab

Ringkasan kitab kifayatul awam (bahasa sunda)

Kumpulan do'a-do'a sareng hartosna (sunda)